Lompat ke isi

Musium

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
musium textil

Musium atawa muséum nyaéta gedong pikeun nongtonkeun rupa-rupa barang kuna atawa kahot, ari di Jakarta sok disebut Gedong inten atawa Gedong Gajah[1].

Rupa-Rupa Musium

[édit | édit sumber]

Numutkeun asal koléksi

[édit | édit sumber]
  • Musium Umum, nyaéta musium anu koléksina téh aya patalina kana disiplin ilmu, téhnologi jeung seni[2].
  • Musium Husus, nyaéta musium anu koléksina ngan saukur patali jeung sawidang disiplin ilmu[2].

Numutkeun Kalungguhanana

[édit | édit sumber]
  • Musium tingkat Nasional, nyaéta musium anu koléksina ti sakuliah nusantara[2].
  • Musium tingkat Regional, nyaéta musium anu koléksina ti wilayah provinsi anu tangtu[2].
  • Musium tingkat Lokal, nyaéta musium anu koléksina ti wilayah kabupatén atawa kotamadya nu tangtu[2].

Numutkeun nu ngokolakeunana

[édit | édit sumber]
  • Musium Pamaréntah, nyaéta musium anu dikokolakeun jeung diurus ku pamaréntah[2].
  • Musium Swasta, nyaéta Musium anu dikokolakeun jeung diurus ku pihak swasta[2].

Numutkeun wangunanana

[édit | édit sumber]
  • Musium Terbuka, nyaéta musium anu objékna disimpen di rohangan anu terbuka[2].
  • Musium Tertutup,nyaéta musium anu objékna disimpen di rohangan anu tertutup[2].
  • Kombinasi tina dua wangun nu geus disebutkeun saméméhna[2].

Rupa-Rupa Pengunjung Musium

[édit | édit sumber]
  • Tipe barudak, biasana leuwih resep ningalian, nyo'o rupa-rupa barang , jeung teu pati resep maca pedaran ngeunaan barang-barang nu aya[2].
  • Tipe nu nyorangan, datangna ngan saukur sakeudeung ukur ningalian jeung maca pedaran hungkul, leuwih resep kaulinan anu sifatna interaktif[2].
  • Tipe kelompok anu sapasang-sapasang, biasana rada lila kunjunganana, leuwih resep maca pedaran sangkan leuwih jéntré, teu pati resep kana kaulinan interaktif jeung teu resep ngobrol jeung guide anu aya di musium[2].
  • Tipe komunitas sosial, datangna sakeudeung-sakeudeung, resep ngabanding-bandingkeun antara gagasan jeung pedaran ka guide, teu pati resep maca pedaran sacara taliti, jeung tara ngobrol[2].

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 450
  2. a b c d e f g h i j k l m n Lampiran 1 Penjelasan Museum Archived 2016-03-04 di Wayback Machine(diakses 23 Oktober 2011)