Lompat ke isi

Pamali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loba kapamalian anu teu meunang dilagar ku awéwé anu keur kakandungan

Pamali nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung, matak peluh; teu meunang ngomé béas, bisi dijual ka toa; nu keur reuneuh teu meunag ngadahar intip, bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar tutut, bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun. Dina kamus ieu, kecap pamali dipatalikeun jeung kecap pahing, buyut, kapamalian, palangan, pantrang, jeung cadu[1][2]

Pamali dina Naskah jeung Karya Sastra

[édit | édit sumber]

Kecap pamali aya dina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian[3]:
(Carek) sanghyang siksa, ngising ma tujuh lengkah ti jalan, kiih ma tilu lengkah ti jalan. Boa mo nemu picarekeun sakalih ja urang nyaho di ulah pamali.[3] Kaulah ma duka, pamali ma paeh, deung jeungjeueung gagawar, pucuk tambalung, sugan tampyan dalem, kandang larang(an), bale larangan[3].

Kecap pamali kaunggel ogé dina carita pantun Badak Pamalang[4]:
Cing suci kami dek diajar ngawih/ Saeutik beunang mihuit/ Kawih kami sudi mandi/ Kawih kami suda pulang/ Saeutik tamba pamali/ Mangka unggut maung/ Mangka golong na karémbong/ Mangka pecat bentén omas/ Lekat-lekat katalanjuran/ Pantes lempenganeun saur[4]

Dina carita pantun Buyut Orényéng kecap pamali ogé kauni[5]:
Baringbing sumping balikan/ Bak layar gancang pulangan/ Pamali teu dibalikeun/ Halangan teu dipulangan/ Sungkanan barang pulangan/ Demi cangkang jeung eusina/ Mangsing sarua lobana/ Bisi kawih mamaruan/ Ja kawih mangdaya tineung/ Ceuk buyut tuha mara tuha/ Katénjo ku enya baé/ Enya pamali teuing/ Nu nungkul dipukul/ Nu hasrah dirasah/ Nu éléh diparoléh/ Matak teu tinggil juritan/ Matak teu jaya perangan/ Matak pupul pangaruh/ Matak tambar berekat/ Matak teu mahian sing barang pasini[5].

Kecap pamali kaunggel ogé dina dangding Haji Hasan Mustapa:
//Sirna rasa rasaning pasti/ raga raraganing rasa/ janggélék rasaning déwék/ duk lungsur ti satuhu/ bijil gingsir sih jeung sedih/ alaming kamanusan/ pangjurung kasarung/ ngumbara di alam dunya/ ngulik harti nguriling néangan gusti / ku pantang pamalina// [6]

Allah nu teu paya nitah/ Gusti nu ngalindih abdi/ teu paya tunda talatah/ lain Gusti nu sasari/ bisi kacingcirihi/ tutur kalebur ku catur/ nya loba katilarna/ ku abdi lain sajati/ rasa dunya salia ka pamalina// [7] Kapamalina kaula/ hayang ngahiji jeung Gusti/ kapamalina kaula/ birahi ku agung Gusti/ jadi paisin-isin/ nya lumpuh pajauh-jauh/ tuman ti sasarina/ abdi malibir ka Gusti/ ana mudal nanya katunggalanana//[7]

Pamali dina Wangun Kecap

[édit | édit sumber]

Di sakuliah Indonésia aya kapercayaan, yén upama nyebut hiji kecap matak aya cangcalana, nepi ka kudu diganti ku kecap séjén anu euweuh matakna.[8] Kecap-kecap anu dimaksud dibéréndélkeun dina tabel di handap.

Conto Ungkara Pamali

[édit | édit sumber]
No Pamali
1 Ulah ditiung ku baju, matak hésé ngalahirkeun.[9]
2 Ulah lila-lila di cai matakkalenger.[9]
3 Ulah nginum notor kendi, matak genténg beuheung budak.[9]
4 Ulah saré teu maké bantal, matak hésé ngalahirkeun.[9]
5 Ulah ngaléngkahan songsong, matak ngalahirkeun sungsang.[9]
6 Ulah ngadahar buah urut kalong, matak rodék susu.[9]
7 Ulah nginum dina batok, matak goréng masamoan.[9]
8 Ulah dahar nodong dulang, matak dilebok maung.[9]
9 Ulah lalangiran, matak paéh indung.[9]
10 Ulah ulin sareupna,matak dirawu kélong.[9]
Jeung réa-réa deui

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. 2006. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata'. Bandung: Kiblat.
  2. Mustapa, H. Hasan (2002). Adat Istiadat SundaMustapa. Jakarta: Penerbit Alumni. p. 8.  Disungsi 27 Juli 2024
  3. a b c Saleh Danasasmita, Spk. 1987. Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung, Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Sundanologi.
  4. a b Rosidi, Ajip. 1971. Carita Pantun Badak Pamalang. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Folklore Sunda.
  5. a b Rosidi, Ajip. 1976. Carita Pantun Buyut Orényéng. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Folklore Sunda.
  6. dangdanggula_sirna_rasa_28-12-08_booklet_HHM.pdf
  7. a b Sinom_brangtaning_rasa_1-1-09_booklet_HHM.pdf
  8. "Kecap Pantrang nu Kudu Digugu" dina Ujung Galuh Édisi 18/2011
  9. a b c d e f g h i j Hidayat, Rachmat Taufik, Spk.2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.