Lompat ke isi

Apartheid

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Museum Apartheid di Afrika Kidul

Apartheid nyaéta kawijakan pulitik diskriminasi warna kulit anu lumaku di Afrika Kidul antara katurunan Eropa (kulit bodas) jeung masarakat kulit hideung. [1] Dina harti lain apartheid nyaéta salah sahiji jeni pulitik anu ngagunakeun sistem pamisahan jeung bébédaan ras, agama, kapercayaan, jeung ayana pamisahan kelas sosial.[2][3][4] Kecap Apartheid asalna tina basa Afrikans anu hartina “pamisahan".[5][6][7] Ieu kawijakan lumaku di Républik Afrika Kidul ti taun 1948 tepi ka taun 1993 anu ngabalukarkeun diskriminasi pulitik jeung ekonomi anu misahkeun masarakat jadi opat golongan nyaéta ras kulit hideung, ras kulit bodas, ras campuran, jeung ras Asia. [2] [3][5][6][7][8][4]

Pulitik apartheid boga anggapan yén anu boga kulit hideung téh jalma hina anu kudu dijauhan jeung disingkirkeun, béda jeung kulit bodas anu kudu dipihormat jeung pantes jadi pamingpin.[3] Dina pulitik apartheid kudu aya pamisahan dina widang atikan, pagawéan, padumukan, sarana umum, jeung sarana transportasi tepi ka basisir jeung tempat ulin ogé dipisahkeun.[7] [8]Hal ieu dilakukeun sangkan masarakat kulit hideung jeung kulit bodas henteu pacampur. [7]Salah sahiji anu paling kontrovérsial tina kawijakan anu diskriminatif ieu nyaéta larangan unggal pamaén kulit hideung jadi anggota kleub olahraga.[7] Ku lantaran éta, Afrika Kidul kungsi diboikot ku dunya Internasional dina rupa-rupa pertandingan olahraga.[7]

Ieu kawijakan dimimitian ku masarakat kulit bodas di Afrika Kidul dina awal abad ka-20.[2] Afrika Kidul mangrupa bénténg imperialis pamungkas pamaréntahan minoritas kulit bodas di Afrika.[2] Lumakuna pulitik apartheid di Afrika Kidul ngawatesanan ilubiungna masarakat kulit hideung dina pulitik éta nagara.[2] Sanajan usaha oposisi terus dilakukeun, tapi pamaréntah ngarésponna ku cara ngawatesanan hak pulitik masarakat kulit hideung.[2] Beuki ka dieu, ésénsi pulitik apartheid henteu relevan jeung kaayaan jaman anu makin maju.[9] Ayana pulitik apartheid henteu méré kontribusi anu signifikan keur Afrika Kidul, malah sabalikna ngadon jadi beban sajarah. [9]

Sistem apartheid loba dikecam ku masarakat Afrika Kidul jeung masarakat internasional.[8] Afrika Kidul diusir ti persemakmuran (Commonwealth) dina taun 1961 jeung dina taun 1980-an diasingkeun ti pergaulan internasional.[8] Oposisi internal ogé tumuwuh tuluy ditindas ku nagara, salah sahiji tokoh anu kasohor nyaéta Nelson Mandela.[2][8] Tokoh kulit hideung ti Afrika Kidul ieu kasohor aktif pisan jeung boga jasa nu kacida gedéna waktu ngalawan sistim pulitik apartheid.[2] Ngaliwatan African National Congress (ANC), manéhna jadi présidén kulit hideung munggaran nu aya di Afrika Selatan.[2]

Kasang tukang

Istilah

Istilah apartheid mimiti digunakeun ku masarakat katurunan Belanda anu lahir di Afrika Kidul.[7] Éta istilah miboga harti pamisahan. [7]Pamisahan di dieu maksudna pamisahan masarakat Belanda (kulit bodas) jeung masarakat asli Afrika (kulit hideung).[7] Istilah apartheid tuluy mekar jadi hiji kawijakan pulitik. [7]

Apartheid anu jadi pulitik resmi pamaréntah Afrika Kidul anu ngawengku program-program jeung aturan-aturan anu tujuanana ngajaga pamisahan ras.[7] Sacara struktural, apartheid mangrupa kawijakan mertahankeun dominasi minoritas kulit bodas ka mayoritas lain kulit bodas ngaliwatan aturan masarakat dina widang sosial, ékonomi, pulitk, militer, jeung kabudayaan.[7] Ieu kawijakan lumaku sacara resmi ti taun 1948. [7]

Masarakat anu lain kulit bodas dihalangan ilubiung sacara aktif dina kahirupan pulitik.[7] Maranéhna ogé diwatesanan keur miboga imah jeung henteu dibéré hak keur iinditan kalawan bébas.[7] Sabalikna masarakat kulit bodas boga hak ngatur pamaréntahan kaasup dina urusan militér jeung pulisi. [7]

Sajarah Pulitik

Afrika Kidul mangrupa nagara anu beunghar ku berlian jeung emas nepi ka ngabalukarkeun imperialisme Bangsa Eropa.[2] Bangsa Eropa anu mimiti datang ka Afrika Kidul nyaéta bangsa Belanda anu dipingpin ku Jan Anthony ban Riebeeck (1618-1677).[7] Kadatangan bangsa Belanda di Afrika Kidul nyababkeun masalah anyar dina kahirupan masarakat di Afrika Kidul.[7] Status masarakat Afrika Kidul jadi dihandapeun bangsa Eropa (Belanda atawa kulit bodas).[7] Masalah warna kulit ieu anu jadi cikal bakal ayana masalah apartheid.

Bangsa Belanda tuluy dumuk di Afrika Kidul. Maranéhna mindeng disebut ku sebutan bangsa Boer.[7] Kadatangan bangsa Belanda dituturkeun ku bangsa Inggris dina taun 1870, anu bisa naklukeun pangawasa ti tungtung Afrika Kalér (Mesir) tepi ka Afrika Kidul (Cape Town). [2][7]Imperialisme Inggris lekasan taun 1910.[2]

Antara taun 1910-1948, masarakat kulit bodas di Afrika Kidul ngamimitian kawijakan pamisahan ras jeung warna kulit. [2]Masa anu dipikawanoh minangka segreration era mangrupa cikal bakal ayana puliti apartheid.[2] Dina ieu masa masarakat kulit bodas mimiti ngalakukeun konsolidasi kontrol nagara anu nguatan kakawasaanana ka populasi kulit hideung jeung ngaleungitkeun kakawasaan pamaréntah Inggris di Afrika Kidul.[2] Diskriminasi anu dilakukeun ku pamaréntah ngabalukarkeun bébédaan sosial jeung kecemburuan sosial anu gedé. [2]

Aya dua partéy pulitik anu kungsi jadi pangawasa di ieu masa.[2] Partéy kahiji nyaéta Partéy Nasional anu ngawasa ti taun 1924-1939, jeung 4 Méi 1948-9 Méi 1994.[2] Partéy anu kadua nyaéta Partéy Kesatuan, ngawasa ti taun 1934 tepi ka 1948.[2] Antara taun 1934-1939, kadua partéy ngawasa babarengan ngaliwatan sistem partéy gabungan.[2]

Sagigireun éta salah sahiji gerakan oposisi anu paling awal jeung aktif nentang hukum réprésif pamaréntah nyaéta African National Congress (ANC).[2] ANC diadegkeun dina tanggal 8 Januari 1912 ku John Langalibalele Dube.[2] Ieu partéy miboga tujuan utama keur mupus apartheid jeung méré hak pilih ka masarakat kulit hideung jeung ras campuran Afrika. [2]

Istilah apartheid mimiti digunakeun dina taun 1930-an tapi mimiti dipaké sacara resmi sarta dijieun undang-undangna ku pamaréntah Afrika Kidul dina taun 1948. [2][8] Hal ieu dikuatan ku Partéy Nasional 1948 anu meunangkeun pamilihan umum jeung nyieun pamaréntahan minoritas kulit bodas. [10]

Undang-undang munggaran anu ngatur sistem apartheid nyaéta Group Areas Act of 1950 anu misahkeun ruang hirup antar warga nagara.[6][10] Intina konsép apartheid ieu ngagunakeun sistem 'kamekaran nu dipisahkeun' tepi ka ngabalukarkeun rupa-rupa kultur di Afrika Kidul misah antara hiji jeung nu lainna.[8] Salian ti éta, pamaréntah ngaluarkeun kawijakan pamisahan ras anu leuwih ketat jeung sistematis.[2] Dumasar ''Undang-undang Pendaftaran Populasi'' masarakat Afrika Kidul dibagi jadi tilu kategori ras nyaéta kulit bodas anu lolobana katuruna Eropa, ras Bantu atawa masarakat Afrika kulit hideung, kulit warnaan (masarakat ti ras campuran) anu mangrupa katurunan Melayu Cape.[2][3][8][10] Tuluy aya ras anyar nyaéta ras Asia anu lolobana urang Pakistan jeung India.[2][3][8][10]

Afrika Kidul tuluy dibagi jadi 80 persén wilayah éta nagara dikawasa ku masarakat kulit bodas anu cicing di pakotaan sedengkeun masarakat kulit hideung ditempatkeun di daérah anu pangsangsarana anu disebut homelands atawa lemah cai.[6][10] Maranéhna boga pamaréntahan administrasi mandiri.[10] Sacara ékonomi maranéhna diasingkeun.[10] Dina taun 1970 lumaku Undang-Undang Kewarganegaraan Tanah Air Bantu anu eusina sakabéh masarakat kulit hideung kudu cicing di homeland.[10] Masarakat homeland kudu mawa paspor saupama hayang ninggalkeun wilayahna.Waktu masarakat kulit hideung dipaksa kaluar ti kota, daérah padumukanana disebut Bantustan atawa 'lemah cai Afrika'.[10] [6]Lantaran mangrupa warga Bantustan, masarakat kulit hideung henteu diijinan ilubiung dina pamaréntahan jeung dipaksa tumut kana jam peuting nu mana lamun hayang iinditan ka luar kampung maranéhanana. [6]

Pamisahan masarakat kulit bodas jeung hideung ogé lumaku di fasilitas umum.[10] Gedong-gedong umum, transportasi umum, taman-taman, réstoran, jeung tangtuna waé sakola-sakola, paguron luhur, rumah sakit, jeung gereja.[10] Daérah-daérah padumukan di unggal kota jeung désa ogé dibagi dua.[10] Sistem atikan di unggal sakola dipisahkeun kalawan kualitas guru anu béda, jeung ngan saukur masarakat kulit bodas anu boga hak pilih.[10] Masarakat kulit bodas jeung non-kulit bodas miboga pagawéan anu béda, dumuk di daérah anu béda, sarta boga gaji, atikan, jeung aksés kaséhatan anu béda ogé. [6] [10]

Pamaréntah Afrika Kidul ogé netepkeun sajumlah hukum ketat keur neken kaum kulit hideung.[2] Dina taun 1960, sakabéh partéy pulitik kaum kulit hideung dinyatakeun ilégal, sanggeus aya kerusuhan anti-apartheid di Sharpeville dina tanggal 21 Maret 1960.[2] Henteu ngan éta wungkul, loba tokoh kulit hideung anu ditahan ku pamaréntah. [2]

Sahrpville massacre dimimitian ku unjuk rasa anti-apartheid kurang leuwih 5.000-7.000 urang kulit hideung.[2] Tapi waktu ngadeukeutan kantor pulisi, pulisi Afrika Kidul ngaleupaskeun témbakan ka nu démo.[2] Kacatet 69 urang tilar dunya akibat éta kajadian.[2]

Taun 1970-an, pamaréntah mimiti ngalonggarkeun kontrol jeung ngizinan ngadegna sababaraha sarikat.[2] Taun 1980-an pamaréntah ngijinan wawakil kaum kulit warnaan (campuran) ilubiung di parlemen.[2] Sanajan kitu, ieu kawijakan henteu lumaku keur kaum kulit hideung.[2] ANC jeung partéy pulitik kulit hideung lainna keukeuh hayang démokrasi anu saenyana di mana unggal jalma bisa milu milih tanpa ningali warna kulit jeung ras. [2]

Referensi

  1. "Apartheid". KBBI. Diakses tanggal 21 November 2018. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak "Politik Apartheid di Afrika Selatan 1948-1994 M. - Wawasan Sejarah" (dalam bahasa en-GB). Wawasan Sejarah. 2017-02-12. http://wawasansejarah.com/politik-apartheid-di-afrika-selatan/. Diakses pada 2018-01-20 
  3. a b c d e "Pengertian Apartheid dan Contohnya". Pengertian Menurut Para Ahli. Diakses tanggal 21 Januari 2018. 
  4. a b "Sejarah Apartheid". SlideShare. Diakses tanggal 21 Januari 2018. 
  5. a b "Apa Itu Apartheid di Afrika Selatan". African Union. Diakses tanggal 20 Januari 2018. 
  6. a b c d e f g "Apa itu Apartheid? Fakta, Sejarah, & Informasi Lainnya". Amazine.co. Diakses tanggal 21 Januari 2018. 
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u "Sejarah Permasalahan Politik Apartheid di Afrika Selatan". artikeltopxyz. Diakses tanggal 21 Januari 2018. 
  8. a b c d e f g h i Mackay, James (2003). Pustaka Pintar Sejarah. Depok: Bina Muda Cipta Kreasi. p. 26. ISBN 979-3358-36-X. 
  9. a b Solissa, Abu. "Menolak Politi Apartheid". Tempo.co. Diakses tanggal 21 Januari 2018. 
  10. a b c d e f g h i j k l m n "Apartheid di Afrika Selatan- Dunia Hitam Putih". DW made for minds. Diakses tanggal 21 Januari 2018.