Kapur tulis
Saheulaanan eusi ieu kaca keur diédit. Ngarah henteu pagedrug, ulah waka ngédit salila ieu tangara aya kénéh. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 10:06, 11 Juni 2012 (UTC) (Galat skrip: tidak ada modul tersebut "TimeAgo".). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Kapur tulis asalna tina kapur nu dijieun tina apu nu lemes pisan, ilaharna di Sunda nu disebut kapur teh nu sok dipaké sapopoé nulis dina bor nu sok di sebut kapur tulis.[1] Apu tina kapur tulis sabenerna asalna tina sato.[2] Perairan samudera téh katutup ku sagala rupa wangun tutuwuhan sarta sasatoan anu pohara leutik.[2] Salah sahijina nyaéta sato bersel hiji anu dingaranan "foraminifera". Kerangka-kerangka ti mahluk-mahluk ieu dijieun tina kapur.[2]
Sabot sato-sato ieu paéh, kerangka-kerangka maranéhanana anu pohara leutik tikerelep ka dasar samudera.[2] Geus lila, lapisan kandel ti kerangka-kerangka ieu ngabentuk.[2] Tangtu waé proses ieu merlukeun waktu jutaan taun.[2] Lapisan ieu sacara lalaunan jadi tersementasi sarta mundel, sarta jadi batu kapur nu beyé anu dingaranan kapur tulis.[2]
Sagala rupa gangguan di bumi mindeng ngabalukarkeun lumangsungna daratan nu garing di daratan saméméhna kakeueum cai.[2] Salah sahiji ti tempat-tempat di mana hal ieu lumangsung nyaéta sapanjang Kanal Inggris.[2] Lapisan-lapisan sagara kadorong ka luhur.[2] Saterusna bagian-bagian anu beyé kakikis ku cai sarta ninggalkeun karang-karang kapur raksasa.[2] Dua karang kapur anu kawéntar nyaéta karang-karang kapur anu aya di Kanal anu ngawatesan Inggris di Dover sarta Perancis di Dieppe.[2]
Rujukan
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |